Contoh Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 7 Kurtilas

contohsoalut.com: Contoh Soal PTS Bahasa Sunda Kelas  7 Kurtilas

A. Pilihlah jawaban yang tepat dengan memberikan tanda silang (x). 

1. Keur solat Ashar di kamer, kadenge aya nu pupuntenan. Apal kana kana sorana, moal salah sora babaturan Si Ocid. Kagok keur solat, tangtu henteu ditembalan. Lila-lila nu pupuntenan teh teu kadenge deui. Teuing balik teuing nunggu di luar. Beres solat teu langsung nyamperkeun ka tepas kalah wiridan jeung ngadoa.

Dina teks di luhur, saha nu nyemah pupuntenan teh ....

a. Ocid
b. Kuring
c. Oding
d. Panji

2. Kadenge sora nu “tulung-tulungan bari nyebut aya oray”. Sora jorowokna matak pikahariwangeun.
Ku naon pangna aya nu menta tulung ....

a. Aya maling
b. Aya oray
c. Aya jurig
d. Aya maung
3. Leungeun Ocid nuduhkeun bari nyebutkeun “ handapeun kantong”. Ngomong kitu teh bari tutunjuk kana lebah kantong.

Di mana anu di tuduhkeun ku Ocid ....

a. Handapeun kantong
b. Handapeun meja
c. Kolong kasur
d. Kolong korsi


4. Bakat ku keuheul kuring nyindir Ocid bari mulungan nastar anu mancawuran dina ubin. “nu matak asup ka imah batur teh kudu ijin heula. Doraka eta teh. Jadi, weh ngagorowok sieun ku oray”.

Naon anuu dipulungan ku kuring teh ....

a. Majalah
b. Nastar
c. Kiripik
d. Kaleng


5. Naon sababna pangna kuring nyindir Ocid?

a. Asup ka imah batur teu ijin heula
b. Nyokot kue nastar kuring
c. Ngotoran ubin imah kuring
d. Ngarebut majalah kuring
6. Karangan anu eusina ngebrehkeun kajadian anu bener-bener kaalaman disebut ....

a. Pangalam
b. Sastra
c. Pedaran
d. Ilmiah
7. Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar ....

a. Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalamana
b. Data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman
c. Naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur
d. Kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang


8. Jalma anu lampar tangtu leuwih rea pangalamanana batan jalma anu kurung batok.
Babasan Kurung Batok mibanda harti ...

a. Jalma anu sok dagang batok kalapa
b. Jalma anu undah-pindah wae imah
c. Jalma anu teu bisa ngeureut neundeun
d. Jalma kurang kanyaho lantara tara daek indit-inditan
9. Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyaritakeun pangalaman teh ....

a. Nutup caritaan sakahayang urang
b. Ngagunakeun basa Sunda anu cohag
c. Muka caritaan bisa nitah ka babaturan
d. Ngagunakaeun kalimah anu jelas tur sopan
10. Inget harita teh poe Ahad. Kira wanci haneut moyan, kuring jeung babaturan geus ngariung. Maksudna rek ngaliwet di sisi walungan Cikembang.

Wanci haneut moyan nuduhkeun waktu kira-kira jam ....

a. 5-6 isuk-isuk
b. 8-9 peuting
c. 8-9 isuk-isuk
d. 10-11 peuting
11. Manehna kungsi .... gering ripuh basa keur sakola di kelas VII SMP

a. Pangalaman
b. Dialaman
c. Ngalaman
d. Alam


12. Mun rek nyaritakeun pangalaman bisa make kalimah bubuka ieu di handap ....

a. Mun seueur nu ngaregepkeun, sim kuring bade ngadugikeun
b. Dina dangeut ieu sim kuring bade wawartos ngeunaan pangalaman nu pikalucueun
c. Dina dangeut ieu sim kuring bade ngadugikeun pangalaman hirup anu kantos kaalaman
d. Dina dangeut ieu sim kuring bade ngawartakeun pangalaman kalayan sasingget-singgetna

13. Babasan anu hartina nuduhkeun watek jalma nu hese dititah ....

a. Hampang leungeun
b. Panjang leungeun
c. Hampang birit
d. Beurat birit
14. Ayeunamah loba pisan pejabat nu unggah bale watangan lantaran kabaud kasus korupsi.
Paribasa unggah bale watanga dina kalimah di luhur hartina ....

a. diancam
b. dipaehan
c. dibui
d. Dirogahala
15. Ngalarapkeun kecap anteuran anu merenah aya dina kalimah ....

a. berebet diuk dina korsi
b. cong solat lohor di masjid
c. gek nginum bari ngalekik
d. jung dahar cacamilan
16. Sanggeus dibere suuk, monyet teh tuluy .... naek kana tangkalna.

a. Berebet
b. Norolong
c. Nerekel
d. Gajleng
17. Kalimah ieu di handap ngandung kecap sipat ....

a. Neng Lina bogaeun sapatu lima rampasan
b. Kang Udin teh sok ngawuruk ngaji di Madrasah
c. Budak panjang leungeunmah ulah dibaturan
d. Pang nyokotkeun buku dina kantong hideung
18. Anehna teu lila ti tas nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja, Wayungyang langsung kakandungn. Malah teu lila ti harita Wayungyang teh ngalahirkeun. Anakna jelema, awewe. Ku saliwatan katenjo, pigeuliseun eta budak teh. Bubuhan anak raja. Eta orok teh tuluy dirorok ku Wayungyang, tur dibere ngaran Dayang Sumbi

Dina teks di luhur saha nu ngarorok Dayang Sumbi teh ....

a. Jin
b. Siluman
c. Wayungyang
d. Si Tumang

19. Saha anu lahir tina cai kahampangannana raja ….

a. Dayang Sumbi
b. Si Tumang
c. Sangkuriang
d. Wayungyang
20. Reuwas ku geus kalepasan ucap. Ari rek nyulayaan jangjina, piraku deui. Antukna Dayang Sumbi kawin jeung eta anjing anu ngaran Si Tumang. Teu burung kapanggih kabagjaan Dayang Sumbi jeung Si Tumang teh. Maranehna dibere turunan budak lalaki anu kasep tur gagah. Eta budakteh dingaranan Sangkuriang.

Saha anu jadi salaki Dayang Sumbi teh ....

a. Sangkuriang
b. Si Tumang
c. Raja
d. Siluman
21. Saha jajaka gagah anu katarik ati ku kageulisan Dayang Sumbi teh ....

a. Si Kabayan
b. Sangkuriang
c. Si Pitung
d. Mang Ade
22. Ras Dayang Sumbi teh ingeteun ka anakna, Sangkuriang anu sababaraha taun ka tukang ditakol sirahna ku sinduk.

Naon anu dipake nakol sirah Sangkuriang ku Dayang Sumbi teh ....

a. paneunggeul
b. Halu
c. Sinduk
d. Panci 

23. Jadi naon parahu anu ditajong ku Sangkuriang teh ....

a. Gunung Tangkuban Parahu
b. Gunung Bukit Tunggul
c. Gunung Burangarang
d. Gunung Galunggung

24. Carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan teh disebutna ....

a. Carpon
b. Novel
c. Sajak
d. Dongeng

25. Salah sahiji ciri tina karnga dongeng teh nyaeta ....

a. Sumebarna sacara lisan
b. Palakuna jin jeung siluman
c. Temana ngeunaan kahirupan raja
d. Loba ditulis dina buku jeung majalah
26. Dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusia disebut ....

a. Fabel
b. Sage
c. Parabel
d. Legenda


27. Runtuyan kajadian dina carita dongeng anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut ….

a. Latar
b. Jejer
c. Galur
d. Amanat


28. Dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah disebut ....

a. Parabel
b. Fabel
c. Sage
d. Sasakala

29. Di handap ieu aya contoh tina dongeng mite nyaeta ....

a. Sangkuriang
b. Nyi Roro Kidul
c. Sangiang Borosngora
d. Si Kabayan

30. Dumasar eusina, “ Gajah jeung Sireum” kaasupna kana wanda dongeng ....

a. Sasakala
b. Fabel
c. Babad
d. Kapercayaan

31. Dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen. Disebut ....

a. Parabel
b. Sasakala
c. Mite
d. Babad

32. Dongeng anu geus dibukukeun anu judulna Aker Dangse teh karangan ....

a. KI Umbara
b. Wahyu Wibisana
c. Tini Kartini
d. Ami Raksanegara

33. Dongeng anu dikarang ku Ami Raksanegara nyaeta ....

a. Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet
b. Aker Dangse
c. Jurig Kabayan 
d. Dongeng-dongeng Sasakala

34. Jaman baheula aya hiji karajaan anu sugih mukti. Ari anu jadi rajana katelah Raja Giri Layang. Dina prakna ngolah karajaan, Raja Giri Layang dibantu ku adina, Putri Giri Larang. Duanana mingpin karajaan kalawan wijaksana, rayatna repeh rapih tur sejahtera.

Saha ngaran adi ti Raja Giri Layang teh ....

a. Dayang Sumbi
b. Roro Jonggrang
c. Putri Giri Larang 
d. Timun Emas

35. Rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut ....

a. Palaku
b. Amanat
c. Jejer 
d. Galur


B. Jawablah pertanyaan-pertanyaan di bawah ini dengan jelas dan tepat!

36. Naon anu disebut pangalaman teh?
37. Naon anu disebut dongeng teh?
38. Tataan deui naon wae ciri-ciri dongeng teh!
39. Tataan deui naon wae papasingan dongeng teh!
40. Cing Tuliskeun ringkasan dongeng anu ku hidep apal !